Selasa, 01 November 2022

KAMPUNG NAGA

 Kampung Naga disebut kampung adat lantaran eta kampung teh masih kukuh nyekel kana adat kabiasaan urang Sunda.  Masarakat anu aya di Kampung Naga teh masih nyekel pageuh kana adat istiadat karuhun Sunda. Masarakat anu aya di Kampung Naga teh nolak kana pangaruh ti luar umpama eta pangaruh luar ngarusak kana kalestarian Kampung Naga.  

Asalna Kampung Naga teh henteu pati jelas, henteu aya kajelasan sajarah, iraha jeung saha sarta naon anu jadi kasang tukang ayana kampung eta, kukituna aya sababaraha versi ngeunaan sajarah Kampung Naga. Kuayana kondisi henteu jelas ngeunaan sejarah eta, masarakat Kampung Naga nyebutna "Pareum Obor".

Saperti pakampungan adat lianna, saperti anu aya di masarakat Badui, Banten, Kampung Naga oge sering dijadikeun tempat atawa objek panalungtikan antropologi ngeunaan kahirupan masarakat padesaan Sunda dina masa peralihan tina pangaruh Hindu kana pangaruh Islam di Jawa Barat.


0 comments:

Posting Komentar

Social Profiles

Twitter Facebook Google Plus LinkedIn RSS Feed Email Pinterest

About

Popular Posts

Blog Archive

Cari Blog Ini

Diberdayakan oleh Blogger.

BTemplates.com

Blogroll

Blogroll

About

Copyright © Pelajaran Online[RISA] | Powered by Blogger
Design by Lizard Themes | Blogger Theme by Lasantha - PremiumBloggerTemplates.com